Rabu, 21 November 2012

Laras: Mandalung

Layar Kincang

Basisir ombakna lirih
Angin leutik...angin leutik sumiliwir
Dipayungan mega bodas
Laut miyuni talaga
Parahu pating suruwuk
Pincang siga lancah mentrang
Layarna pating pelentung
Warna warni layar kincang
Nambih asri titinggalan


Lapat-lapat pamayangna
Dilanglangan...dilanglangan manuk laut
Sukan-sukan jeung pamayang
Ngaprak ngahias sagara
Taya nu ngahalang-halang
Nu sidengdang dina caang
Mayungan pamayang muntang
Dianteur ku layar kincang
Nyiriwik badis maliwis

Lagu-lagu tembang Cianjuran

Laras:Mandalung

Pager Baya

Sinatria tur pangger tangtungan
Tali rabi lamun mancen mager nagri
Pantang jejerih ku peurih
Sabar nampa amarah
Mangsa raga awor jeung lawan
Pantang gedag ku sentak
Ngagem budi luhur
Kujang nya perlambang jaya
Seuweu siwi Hyang Prabu Siliwangi
Pager baya wijaksana