Laras: Mandalung
Layar Kincang
Basisir ombakna lirih
Angin leutik...angin leutik sumiliwir
Dipayungan mega bodas
Laut miyuni talaga
Parahu pating suruwuk
Pincang siga lancah mentrang
Layarna pating pelentung
Warna warni layar kincang
Nambih asri titinggalan
Lapat-lapat pamayangna
Dilanglangan...dilanglangan manuk laut
Sukan-sukan jeung pamayang
Ngaprak ngahias sagara
Taya nu ngahalang-halang
Nu sidengdang dina caang
Mayungan pamayang muntang
Dianteur ku layar kincang
Nyiriwik badis maliwis
Tidak ada komentar:
Posting Komentar